Pancurankembang Jeung Statsion Kareta Api
Carita Singkat Asal-usul Pancuran Kembang
Statsion Karéta Api Sukabumi
Simkuring arék carita singkat asal-usul Pancurankembang/statsion karéta api di Sukabumi. Ieu asal ususl téh anu sok dicaritakeun turun tumurun ti para sepuh ka sepuh deui, mung ayeuna para sepuhna tos almarhum anu namina.
1. Pun Aki: Bapa Sarhum, yuswana waktos harita 95 taun
2. Pun Nini: Ibu Éyéh Sarimanah, yuswana waktos harita 76 taun
3. Pun uwa: Bapa Ujun Djuanaedi yuswana waktos harita 74 taun.
4. Bapa mandor Emad padamel PJKA anu tugtasna ngurus tanah jeung bak cai anu aya dina tanah PJKA.
Sadayana ieu penduduk Pancuran Kembang asli.
Pancuran Kemabang aya di tengah kota: Kalurahan Gunungparang, Kacamatan Cikole, Kota Sukabumi, Provinsi Jawa Barat.
Sateuacana ieu asal ususl dingawitan, Kuring nyuhunkeun dihapunten, margi badé diselang heula ku hiji obrolan anu singkat ti saurang sepuh anu namina Bapa Dudung Hasbuloh umur 75 taun, nuju jumeneng kieu obrolanana:
Di hiji peuting kira-kira jam 01.00. taya kandaraan roda dua, roda opat, malih jalmi ogé jarang anu ngulampreng/ngaliwat. Tambah-tambah dina waktu harita di kota aya jam malam. Aya ogé anu lalar liwat dijalan, patugas ti kapulisian, tantara ti Bintara Order Distrik Militer (BODM) tur petugas ronda malam ti warga masarakat. Keur mah dina waktu harita jarang kandaraan teu saperti ayeuna.
Kabeneran pisan kuring jeung batur salembur dina peuting harita ka giliran ngaronda. Dina peuting harita ka giliran ngaronda 10 urang. tugas ti pamaréntah ka RK-an (Rukun Kampung).
Kuring jeung sabatur nguriling asup ka lembur kaluar lembur, sabada tos ngurilingan lembur. Kuring saréréa istirahat bari gé dariuk, aya ogé anu gogoléran bari diharudung ku samping. Diukna ditengah jalan gedé, anu katelah ayeuna Jl. Jend A. Yani. Diantara batur kuring aya saurang saurang anu beunag disebut kokolot. Ari ngarana Bapa Dudung Hasbuloh, umurna dina waktu haria 76 taunan (almarhum). Dian waktu istirahat ngaronda. Bapa dudung jeung kuring ngobrol bari ngadu bako babasan harita. Pok bapa Dudung ka simkuring nyarita jaman katukang kaayaan di kota, kieu pokna téh.
“Ieu jalan raya asalna can di aspal cara kieu, masih taneuh jeung loba batu. Lapmu penerangan jalan can ku listrik, kulampu anu dirancang ku pamaréntahan. Ari bahan bakarna tina minyak tanah. Tur toko-toko ogé anu aya di sisi jalan. Aya anu mangrupa tangkeban. Bahana tina papan jeung sajabana. Ari ngahurungkeun lampuna panerangan jalan kurang leuwih jam 05.00 soré. Ari mareumanana jam 06.00 isuk. Ari ngahurungkeunnana jeung mareumkeunana ku patugas husus ti karyawan Kota Praja” sakitu obrolan Bapa Dudung Hasbuloh ka Simkuring dina waktu peuting harita.
Ti sabelah kiduleun Jl. Jend. A. Yani kurang leuwih 8,5 météran. Aya tempat anu kakurilingan ku opat jalur jalan.
1. Béh ti kulon Gg. Peda Katelah Jl. Perniagaan
2. Beh ti wétan Gg. Panglipur nepi ka ayeuna
3. Béh ti kalér Jl. Raya karelah Jl. Jend. A Yani
4. Béh ti kidul Jl. Pasar katelah Jl. Pasar Palita. Anu brasna ka Statsion Kareta Api.
Éta tempat téh di bagi dua bagian hak milik, anu kasebut:
1. Ka béh ti kalér tanah hak milik tanah PJKA
2. Ka béh kidul tanah milik warga masarakat satempat.
Dina tanah PJKA taya bangunan imah warga, ngan aya ogé hiji imah anu bangunana tina papan, bilik jeung sajabana. Éta bangunan imah téh panggung.
Éta imah téh dihususkeun jang karyawan PJKA sakuwarga. Tugasna karyawan téh tukang ngurus hiji bak cai anu ukuranan panjuang 10 M, lebarna 7 M, jerona 1,50 M. ditambah jeung kekebonan kalayan sajabana anu aya dina éta tempat PJKA.
Dina éta tanah PJKA. Aya mata cai anu kacida beresihna tug caina herang jeung tara saat tepi ka ayeuna can kakurangan cai. Dina éta anu disebut ku kolot sirah cai aya hiji tangkal kembang campaka gondok. Anu kacida gedéna tur luhur pisan jeung aya kaanéhan. Éta tangkal anu sakitu gedéna, dina jero batangna ti luhur tug nepi ka handap gorowong kohok, malah beunang kasebutkeun dina waktu harita mah éta tempat PJKA téh angker. Malahan kuring manggihan urut sasajén ti tangkal kembang dina batang nu gorowongna, osok aya endog hayam, lisong jeung sajabana (sasajén). Malah ku generasi pamuda ayeuna sok aya ogé anu ngobrolkeun dimana maranéhna sok ngawenahan aya anu anéh-anéh orang-orang halus , malah sok aya ogé anu kasurupan.
Dina tanah PJKA aya hiji bak cai anu panjangna 10 M, lebarna 7 M, jerona 1,50 M. Éta bak téh maksudna jang nampung cai anu kaluar tina sirah cai (mata air). Anu di luhureuna éta sirah cai aya hiji tangkal kemabng campaka gondok. Cai anu aya dina bak panampungan. Pertama disalurkeun make dua batang pipah beusi anu jalurna mapay solokan. Malah ngaliwatan imah aki simkuring. Anu langsung ka statsion kareta api. Di statsion disadiakeun deui hiji bak jang nampungna anu disebut timris. Basa waktu harita, caina pikeun kaperluan sapopoé di statsion. Anu pokona pikeun hulu kareta (lokomotif). Da waktu harita mah bahan bakar lokomotipna cai, raeng batu, suluh saret anu beunang meulahan. Jarak jauhna tina tanah PJKA ka statsion téh kurang leuwih 366 M.
Ku ayana jaman kamajuan (canggih). Bak panampungan jeung caina tos teu ka paké deui. Malah tangkal kembang campakana ogé tos rungkad (roboh). Malah anu ngurusna tos almarhum, mung aya ogé paninggalanana bak cai. Anu ayeuna digunakeun kaperluan sapopoé ku waga masarkat. Atuh tangkal kembang, batangna anu dijieun kohkol anu panjangna kurang leuwih 1,80 M. malah anu nyieuna éta kohkol Bapa Emad mandor karyawan PJKA (almarhum). Éta kohkol ayaba di masjid Jami Assalamah pancuran Kembang tug dugi ka ayuena.
Ka béh kiduleun tanah PJKA, aya hak milik, anu waktu harita banguan imah bentukan panggung bahan tina tiang kayu, bilik jeung sajabana. Kasebutkeun imah pun Aki ogé sami panggung. Aya ogé imah sami panggung. Aya ogé iamh anu satengah badan anu tembokna disebut gedég awi, bahan eréng diayam (sasak). Langsung ditembok ku adukan. Malah mah waktu harita loba kekebonan anu mangpaat pikeun pelindung sinar panon poé. Malah dihareupeun imah pun aki, waktu harita aya pabrik téh (PT Cikondang). Malah aya sumber mata air anu ayana dihareupeun mesjid make ditampung ku hiji kulah pikeun kaperluan mesjid. Anu kadua kiduleun mesjid aya deui hiji kulah, malah naké dikamar mandian anu disaunagn ku séng dipager kawat. Lobana tujuh kamar mandi. Malah aya anu nungguna saurang awéwé anu namina Ibu Ukik (almarhum). Kamar mandi éta pikeun kaperluan sapopoé, mandi nyeuseuh, ngla cai. Satiap anu tos ti kamar mandi sok dipungut kunu jagana, gedena sasé kasebut pancuran sasén dina waktu harita.
Ku ayana perkembangan penduduk jeung pesatna perkembangan-perkembangan dina tanah PJKA tos loba imah penduduk, lolobana pendatang, mesjid ogé tos robah permanen dua lantai. Kulahna tos jadi mesjid. Anu katelahna pancuran sasén ayeuna tos robah jadi kamar madi, kantor perpustakaan, munara, lapang pamotongan hewan kurban dimana bulan rayagung. Pabrik téh Cikondang anu aya di hareupeun iamh simkuring tos teu aya. Robah jadi lapang (GOR) bulutangkis King “swan” (diona waktu ayeuna).
Sakitu carita asal usul pancuran kemabng, sateuacana dipungkas. Simkuring ménta dihapunten bilih aya anu teu ka eukeruk anu teu ka sebut. Sareng bilih aya cariosan anu pondok matak nyogok anu panjang matak nyugak kana manah. Sakali deui nyuhunkeun dihapunten.
Kiwari masarakat nelahna Pancurankembang.
Narasumber:
Wasta : Sholéh Jalaludin
Ping Gumelar : Sukabumi, 05-10-1938
Pakasaban : Buruh
Pendidikan : SR 8 Th
Alamat : Pancuran Kembang K.1196/31
Kalungguhan : Ketua RT 01 RW 08
Visitors :8410 Org
Hits : 28469 hits
Month : 405 Users