Kebonjati

Selasa, 16 Februari 2010 01:44:37 - oleh : soekaboemi

Kebonjati

Di Kota Sukabumi, ngaran tempat anu ngagunakeun kecap Kebonjati nya éta aya di dua kalurahan. Hiji di Kalurahan Kebonjati, hiji deui di Kalurahan Sukakarya.

Ngaran tempat Kebonjati ayana di Kalurahan Kebonjati, Kacamatan Cikolé jeung di Kalurahan Sukakarya, Kacamatan Warudoyong.

 Tempat ieu dingaran Kebonjati, sabab di ieu tempat beheulana aya kebon tangkal jati anu legana kirang langkung 600x200 méter. baheula salasahiji anu kagungna ieu kebon nya éta Aki Icok. Tangkal jati anu baheula aya di ieu tempat nya éta jati rembang, tangkal jati nomer hiji alus keur dangdanan, cenah beakna ieu kebon jati nya éta ku urang Walanda, ya ogé nu nyaritakeun ku parusahaan Kibodas (parusahaan panggésékan kai jaman Walanda ayana di Cisarua).

Dina jaman Walanda, cenah kebon jati téh sok dipaké panyumputan. Ngaran tempat Kebonjati, baheula mah sok disebut ogé Kebonjatilegok sabab ieu tempat ayana dina daérah anu legok, pangna legok sabab deukeut kana Susukan Cisarua.

Baheula sesepuh di ieu tempat, nya éta H. Marjuki (Kebonjjatipasir), Aki Ico (Kebonjatilegok) nya éta tuang ramana Bapa Didi, H. Muhtar (Kebonjatikidul), nya éta tuang ramana Bapa Sulaeman Muktar (Kepala PDAM Kota Sukabumi), H. Marjuki. kiwari ieu tempat nelahna Kampung Kebonjati

Sumber: Bapa Didi Sumiadi (No.KTP 327202050147001)

 

Kebonjati anu aya di Kalurahan Sukakarya, Kacamatan Warudoyong. Dingaranan Kebonajti, sabab baheulana kungsi aya kebon jati. Kebon jati ieu, cenah anu gaduhna nya éta Bapa Kumik. Baheula mah di sisi jalan Raweuy (Jl Palasari) loba tangkal jati, ngan ayeuna mah tos teu aya  seep ku longsor. Baheula mah antara Kampung  Kebonmanggu jeung Kampung Kebondasas téh sajajar, ari ayeuna mah tos beda. Kebonmanggu aya di tonggoh, Kebondanas aya di lebak pisan. Cenah pangna samodél kitu, baheulana Kebonmangu urug, tug nepi ka nutupan jalan raweuy. Kiwari masarakat nelahna Kampung Kebonmanggu

Sumber: Aki Didi (98 taun).

kirim ke teman

Berita "Toponimi Kota Sukabumi" Lainnya