Amris Permai
Amris Permai
Kampung Amris Permai ayana di Kalurahan Jayaraksa, Kacamatan Baros. Baheula ieu tempat lain miboga ngaran Amris Permai, tapi Padangenyang. Numutkeun Mama Haji Atu anu didugikeun ka Bapa Momo. Kecap padangenyang asalana tina masalah ngeunaan lahan tanah anu legana 10 areu, blangko tanahna ngan hiji. Tanah ieu kagungan Bapa Mukri, harita tanah Pa Mukri téh ka potong ku tapel wates kota jeung Kabupatén Sukabumi. Sabeulah kaasup ka wewengkon Kabupatén Sukabumi, sabeulah deui ka wewengkon Kota Sukabumi. Nalika dina waktu dipungut pajak duanana nagih atawa padangenyang, tug nepi ka dimusawarakeun. Kacindekan tina ieu masalah, atukna éta lahan dilebetkeun ka wewengkon Kota Sukabumi. Tina kajadian harita ieu tempat jadi nelah kana ngaran tempat, nya éta Padangenyang
Baheula, di ieu tempat aya sabelas suhunan imah anu deukeut ka bendungan Amris (wetan), sarta tilu suhunan imah anu deukeut ka sisi jalan Baros (kulon), nya éta kagungan Bapa Abin Nayan, Ibu Endah jeung Bapa Momo Samsudin. Di tempat anu sabelas imah, aya tilu imah anu ngagaduhan kuda, lobana kana 12 kuda. Kuda-kuda ieu dipaké kana krétek jeung sabagéan deui kana roda. Baheula kéréték ieu sok mangkalna dina pengkolan sisi jalan Baros. Kiwari jadi pangumbahan mobil. Jalan ka jero ieu tempat Padangenyang, baheula mah galengan. Mung, dumasar kasapukan anu gaduh lahan nu dipupuhuan ku Pa Momo, galengan téh jadi rada lega. Harita galengan ieu téh sok diliwatan ku kéréték, sakapeung mun keur usum hujan ieu galengan téh ditambal ku gebog cau, sabab belok jeung parotong da urut diliwatan kéréték. Dumasar inisiatif warga satempat, ieu galengan téh dilebat ku semén.
Dina Taun 1976, Pa Baban salaku lurah Jayaraksa masihan sawangan “yén ieu kampung téh ngaranan wé Poponyol tong Padangenyang.” Kecap poponyol miboga harti pangpunjulna, sabab ieu kampung téh pangpunjulna dina sadésa, sarta pangloba-lobana kahayang, katambah di ieu kampung téh aya Talun. Ti harita ngaran tempat Padangenyang diganti jadi poponyol.
Dina taun 1984-1985, Pa Lurah Amir salaku lurah Limusnunggal mihapé nitipkeun ngaran keur kana jalan di ieu tempat. Jalan anu dimaksud, nya éta jalan anu baheulana galengan téa. Ngaran anu dipihapékeun, nya éta Amris, naha ngaran amris? Numutkeun Pa Lurah Amir, baheula aya imah anu deukeut jeung bendungan (Bendungan Amris) sarta mung hiji-hijina éta imah nu aya di ieu tempat téh, nya éta bumina Aki Amris. Kacindekanana Aki Amris téh anu ngababakan munggaran pisan di ieu kampung. Dumasar hal éta, jalan ka ieu tempat dingaran Gang Amris, tapi kiwari mah Gang Amris téh katelahna jadi ngaran kampung. Ti harita, ieu kampung katelah jadi Gang Amris. Mung, aya sawangan ti barudak ngarora yén ngaran Amris téh hoyong ditambahan ku permai, atukna jadi Amris Permai. Kiwari pikeun kaperluan nuduhkeun ieu tempat, masarakat nelahna Kampung Amris Permai.
Sumber: Bapa Momo (No. KTP 327205250740001)
Visitors :8410 Org
Hits : 28468 hits
Month : 405 Users