Sudajaya
Kampung Sudajaya ayana di Kalurahan Jayaraksa, Kacamatan Baros. Baheula dina jaman walanda di ieu tempat aya jawara anu jago silat sarta miboga kawedukan teu neurak dikadék jeung dibedil, ari katelahna nya éta Pa Didi. Dina jaman harita, Pa Didi kaasup jawara anu wani ngalawan Walanda, tapi disagedéngeun ngalawan Walanda, Pa Didi ogé ngekeyek rakyat pribumi sorangan. Samodél conto, cenah Pa Didi téh beuki kana awéwé.
Dina jaman harita ngaran Pa Didi dipikasieun pisan sabab katelah ku jago silat jeung kawedukanana, tug nepi ka hiji mangsa Pa Didi asup ka ieu Kampung, numutkeun kapercayaan masarakat satempat sadaya kadigjayaan Pa Didi apesna di ieu tempat anu kiwari jadi Kampung Sudajaya. Nguping wartos yén Pa Didi dimakamkeun di Selaawi Kuburan Arca (Kalurahan Cibeureumhilir).
Numutkeun masarakat, kecap Sudajaya asalana tina kecap suda jeung jaya. Suda miboga harti leungit atawa béak, jaya miboga harti kajayaan atawa kagagahan. Ceuk béja, sing saha jalma anu miboga kadigjayaan, nalikaasup ka ieu tempat sadaya kadigjayaanana tangtu bakal palastra jeung atawa kadigjayaanana mo bisa dipaké.
Dina jaman harita sesepuh di ieu kampung ieu nya éta H. Sidik, ki Tobri jeung Mama Ajengan Khoiril Mustafa sarta anu ngabénténgan ieu kampung Sudajaya baheulana nya éta H. Sidik, Ki Agus jeung Ki Maja, tilu urang ieu sadayana jago silat jeung kadigjayaan. Kiwari, masarakat nelahna Sudajaya.
Sumber: Bapa E Sutisna (52), mantan Lurah Jayaraksa
Visitors :8405 Org
Hits : 28438 hits
Month : 402 Users