Pangbarakan
Pangbarakan ayana di Kalurahan Sindangsari, Kacamatan Lembursitu. Pangbarakan nya éta ngaran hiji patempatan, anu miboga wangun samodél imah nu pernah digunakeun ku masarakat Lemburpasir pikeun ngabarakeun jalma anu gering.
Mimiti ieu carita nya éta tina ngala lauk di Leuwi Nanggung anu ayana di kiduleun ieu kampung atawa kaasup ka Kampung Cikeong, Kalurahan Jayaraksa, Kacamatana Baros. Kurang leuwih dina taun 1935. Masarakat Lemburpasir baheula, ngala lauk téh nya éta kucara di tua atawa nua. Nua nya éta ngala lauk ku cara ngasupkeun racun kana cai, engké kusorangana lauk téh bakal ngamang. Racun anu harita digunakeun nya éta racun tina geutah sabangsaning areuy-areuyan nu katelahna tua leteng.
Harita masarakat Lemburpasir anu indit nua nya éta para tokoh kampung diantarana. Mang Tohir, Ahmad Subani, H. Saepulhidayat jst. Singkat carita, satepina di Leuwi Nanggung, masarakat téh langsung nua, nya éta ngabebek areuy-areuyan nepika kaluar geutahna jiga cai béas. Teu lila ti harita, lauk téh ngaramang alata mabok caina diracun. Diantara lauk anu ngaramang. Harita téh aya lauk emas anu badag, saking badagna. cenah mah sisitna ogé sagedé béngol atawa sagedé duit saratus baheula.
Nempo kaayaan kitu, masarakat harita ngarasa hahasilan. Nya teu lila, tuluy éta lauk téh dibawa balik ka imah. Laukna direcah dihareupeun salah saurang imah warga Lemburpasir. Ilaharna ngaberesihan lauk. Saméméh direcah, sisit lauk téh diberesihan. Isukna aya kajadian, sisit lauk anu kamari aya dihareupeun imah, geus taya tapak-tapakna acan. Nya teu lila sanggeusna lauk direcah tuluy dibagikeun ka masing-masing anu hayang. Masarakat lemburpasir geunjleung, dadakan loba nu gering. Ieu gering saupama tumibana ka awéwé nya éta nyeri dina susu. Saupama tumibana ka lalaki, nyerina nya éta dina punduk. Cenah mah siga anu ditekuk.
Mimiti nu gering téh saurang, tuluy nambahan deui saurang, tug nepika mingkin loba, bakating ku lobana ieu nu gering. Tug nepika pamaréntahan Sukabumi harita nurunkeun pulisi pikeun ngajagaan ieu kampung sangkan masarakat luar teu bisa asupm nagajaga katular ku ieu panyakit. Pangna dijagaan sabab ieu panyakit téh disangkana panyakit anu bahaya. Harita, saupama aya jalma gering isuk tangtu panggih isukna geus maot atawa anu gering soré isukna ogé maot. Bakating ku loba nnu maot, atukna nyieun hiji wangunan pikeun ngawadahan ieu nu gering jeung nu maot, nya éta ayana di béh kuloneun ieu kampung. Tempatna nenggang lebah pengkolan jalan jeung deukeut ka susukan (kiwari susukan pangbarakan) atawa antara kampung lemburpasir jeung kampung Cipanengah Tengah.
Kasangtukang lobana masarakat harita anu maot, sabab ngadahar lauk emas badag. Lauk badag ieu ngadahar racun tina tua, tuluy laukna didahar ku jalma. Tangtu jalma na maot. Sabab kabéh nu ngadahar lauk dina danget harita tangttu ngarandapan hal anu sarua, nya éta dimimitian ku gering tuluy isukna pagétona maot. Tapi lian ti éta, ieu lauk téh lain samarang lauk. Cenah ieu lauk téh miboga ngaran nya éta si Layung. Jinisna bikang atawa awéwéna. Ogé ieu lauk téh sisitna gugurilapan jeung matak serab saupama nempo dikieuna, malah cenah mah, harita nalika ngala ieu lauk. Lauk téh kungsi ngiceup sagala.
Numutkeun masarakat harita, lauk lalakina ménta ganti sabab manusa geus maéhan lauk bikangna. Harita aya ogé jalma anu ngadahar lauk tapi teu maot. Tarékah inyana nya éta ngagantian deui ku lauk nu lobana ku sababaraha tanggunngan. Nu danget harita ngagantian deui ku lauk nya éta H. Saeful Hidayat jeung Mang Tohir, tapi Mang Tohir mah teu lila sanggeusna nganteurkeun lauk ka Leuwi Nanggung. Inyana tilar dunya, dina panungtung hirupna atawa sakaratna inyana cumarita “ti ayeuna mah geus moal aya deui nu maot, sabab geus digantian ku mamang. Kitu pok na téh. Nya ti harita, tempat urut ngabarakeun mayit, disebut pangbarakan. Wangunan anu harita dipaké pikeun ngabarakaeun layon ogé langsung diruag. Kiwari ieu tempatna geus di jieun balong badag.
Visitors :8409 Org
Hits : 28442 hits
Month : 405 Users