Batu Mad Ahya

Selasa, 1 Juni 2010 08:11:00 - oleh : soekaboemi

 

Batu Mad Ahya ayana di Kampung Raweuy Kalurahan Sukakarya, Kacamatan Warudoyong. Dina sisi wahangan Cipélanggedé, handapeun jamatan karéta api, aya batu ngarana Mad Ahya, batu ieu salirana badag. Baheula dina jaman PKI, aya jalma anu di peuncit tuluy di alungkeun ka wahangan Cipélanggedé. Kapanggihna aya layon di ieu tempat cenah mah ku anu ngaliwat. Ringkesna carita, ieu layon dibawa, digotong ku masarkat tuluy dipentangkeun dina batu badag, sangkan kanyaoan ku kulawargana. Teu lila ti harita, cenah aya béja yén éta layon téh jenenganana Mad Ahya anu kawitna ti Bénténg. Nepi ka ayeuna, ieu batu katelahna batu Mad Ahya.    

kirim ke teman

Berita "Carita Rakyat" Lainnya