Kampung Pencelut

Selasa, 1 Juni 2010 08:12:22 - oleh : soekaboemi

Kampung Selakaso ayana di Kalurahan Bababakan, Kacamatan Cibeureum. Di béh kaléreun ieu kampung, harita mah aya nu di sebut Kampung Pencelut. Di éta tempat aya situ kagungan Abah Endi, jeung imah Ne Ijah carogéna Apih Okom. Didieu ogé aya hiji huyur, huyur téh taneuh mucukul di sisi Susukan Cibeureum. Ayeuna mah tos teu aya, tos keuna ku parohan jalan. Teu jauh ti dinya aya Curug Pencelut. Tah, harita mah didinya tempat paranti panotogan Walanda. Saupamana aya wahon walanda jeung jelemana, biasana di totogkeun ka éta curug. Matak ieu tempat rada sanget, jarang jelema ngaliwat ka éta temapt saupama liwat asar mah.

            Salian ti éta, teu jauh ti ieu tempat, aya anu ngarana Batu Taréngtog. Dingaranan batu taréngtog, sabab ieu tempat loba batuna. Mung aya hiji batu anu pangbadahna, nya éta badagna sagedé mobil elf. Nalika ieu batu di beulah, taya pakarang nu neurak. Dumasar kana kapercayaan, ieu batu ditarékahan ku Bapa Jaja, atuknana mah tiasa ogé éta batu dibeulah.

kirim ke teman

Berita "Carita Rakyat" Lainnya